Thursday, November 24, 2016

Lagu anak Sunda

*LAGU JEUNG KAULINAN BARUDAK SUNDA*

1. *Ucang-ucang angge*

Ucang-ucang angge
Mulung muncang ka parangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu pa lebe
Ari gog gog cucungung

2. *Trang trang kolentrang*

Trang trang kolentrang
Si londok paeh nundutan
Mesat gobang kabuyutan
Tikusruk kana durukan

3. *Tongtolang nangka*

Tongtolang nangka
Kawinan bapa
Poe salasa teu beja-beja
Aduh-aduh si bapa
Teungteuingin ka ema
Bapa mah suka-suka
Jeuh nu ngora

4. *Cingcakeling*

Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa satar buleneng

5. *Tokecang*

Tokecang-tokecang
Malik pendil tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapariuk kosong

6. *Japati*

Aya hiji kurung
Pinuh ku japati
Japati kaluar
Disada uok-uokan
Alim ka ramana
Alim ka ibuna
Hoyong ka putrana
Nu centik bulu socana

7. *Colenak*

Colenak beuleum peuyeum digulaan
Awas bom batok (2X)
Rebu-rebu rada nyentok (2X)
Leumpangna dicentok-centok (2X)
Sieun nincak tai kotok

8. *Blung blong*

Blung blong
Tampelet tampa gelom
Lalamis bulu maung
Cerentel cantel
Pakuong doblus

9. *Tatitut*

Tat tit tut
Daun kanyere (kaliki)
Saha nu hitut budak awewe (lalaki)
Dibawa ka saung butut
Balikna ngaburusut

10. *Boneka abdi*

Abdi teh ayeuna
Gaduh hiji boneka
Teu kinten saena
Sareng lucuna
Ku abdi dierokkan
Erokna sae pisan
Sumangga tingali
Boneka abdi

11. *Cingciripit*

Cingciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seuseuketna
Jol pa dalang
Mawa wayang jrek-jrek nong

12. *Oray-orayan*

Oray-orayan
Luar leor mapay sawah
Tong ka sawah
Parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
Luar leor mapay leuwi
Tong ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Oray-orayan
Oray naon, oray bungka, bungka naon, bungka laut. Laut naon, laut dipa
Dipa naon..
Dipanderiiii

13. *Ayang-ayanggung*

Ayang-ayanggung
Gung goongna rame
Menak ki wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos kanjeng dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka batawi ngemplong

14. *Papatong*

Tong tong papatong
Eunteup dina ranjang kolong
Nu lolong keur ngorong
Irungna gede bolong...

15. *Bang bang kalima lima ngobang bang,*


Bang bang kalima lima ngobang bang,
bangkong ditengah sawah wah
wahai tukang bajigur gur

guru sakola desa sa

saban poe ngajar jar
jarum paranti ngaput put

putri nugareulis lis

lisung kadua halu lu
luhur kapal udara ra....

ragrag di jakarta ta

tahun lima hiji ji

haji. rek ka mekah kah

kahar dua rebu bu
buah menang ngala la
lauk mwnang nyobek bek
beker mwunang muter ter
terus ka cikampek pek
pek dewek teke.... tongtang

😜

Saha nu emut keneeh..
Pami emut keneh ajarkeun deui ka anak incu

No comments:

Post a Comment