Sunday, August 6, 2017

Adipati Kuningan Raden Kamuning Suranggajaya

Nyukcruk Galur Mapay Laratan
*Sang Adipati Kuningan / Raden Kamuning / Suranggajaya*
Diserat ku: Mang Utas

Adipati Kuningan anu saleresna nyaeta Suranggajaya. Anjeuna putra Jayaraksa anu dikenal Ki Gedeng Luragung panguasa daerah Luragung.

Jayaraksa kagungan saderek di Winduherang Kuningan anu jenengana Bratawiyana atanapi Bratawijaya dikenal oge ki Gedeng Kamuning atanapi Arya Kamuning. Jayaraksa sareng Bratawiyana teh putrana Pangeran Surawisesa incuna Prabu Siliwangi.

Nalika Sunan Gunung Jati nyebarkeun agama Islam ka Luragung, disusul ku istrina anu ti Campa nyaeta Putri Ong Tien (Nyai Rara Sumanding) anu nuju bobot ageung (hamil tua). Di Luragung Putri Ong Tien lahiran, hanjakal murangkalihna maot. Kanggo ngalipur lara istrina, Sunan Gunung Jati nuhunkeun widi ka Jayaraksa kanggo ngangkat putrana Jayaraksa anu kaleresan masih bayi kanggo diangkat janten putrana Sunan Gunungjati.

Ku Sunan Gunungjati eta murangkalih dipasihan nami SURANGGAJAYA.
Namung numutkeun carita mitos, Nyai Rara Sumanding teu ngalahirkeun orok, tapi Bokor anu dijieun tina bahan kuningan, ieu cikal bakal anu jadi Logo kota Kuningan salian ti Kuda Kuningan.
Oge aya anu nyebutkeun yen Bokor Kuningan eta sabage barang Tutukeuran atanapi Panukeur antara Bokor sareng Bayi ki Jayaraksa.

Perjalanan Sunan Gunung Jati ti Luragung diteraskan ka Windu Herang, bade napangan Bratawiyana saderekna Jayaraksa anu tos ngagem agama Islam. Harita Karajaan Kuningan nuju dipingping ku Nyai Ratu Selawati putrina Prabu Surawisesa. Sateuacana Nyai Ratu Selawati ngagem agama Hindu, saatosna nikah ka Syekh Maulana Arifin putrana Syekh Maulana Akbar, anjeuna lebet Agama Islam.

Syekh Maulana Akbar kalayan saijin ti Sunan Gunung Jati nyebarkeun agama Islam di Kuningan, anjeuna salaku perintis penyebaran agama Islam di Kuningan, Sunan Gunung Jati anu nyampurnakeunana.

Uih deui ka perjalanan Sunan Gunung Jati anu tos nepi ka Windu Herang, anjeuna nitipkeun murangkalih angkatna (Suranggajaya) ka Bratawiyana (Arya Kamuning) kanggo diasuh. Sunan Gunung Jati pesen ka Bratawiyana yen Suranggajaya bakal diangkat jadi panguasa Kuningan.

Ku Bratawiyana atanapi Arya Kamuning, Suranggajaya dilandi namina janten Raden Kamuning, kanggo ngadeukeutkeun hubungan bathin antara Bapak Asuh sareng putra asuhna.

Saatos Raden Kamuning (Suranggajaya) yuswan 17 tahun, Sunan Gunung Jati nepati janjina ngankat Raden Kamuning janten penguasa Kuningan anu katelah Sang Adipati Kuningan. Titimangsana tepatna tanggal 1 September 1478.

Sakitu anu kapuhatur, kirang langkungna mangga dikoreksi.

No comments:

Post a Comment